Senin, 09 Januari 2012

dongeng sasakala situbagendit

A.     Dongeng Aslina


Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu :  
Baheula aya hiji randa, beunghar kabina-bina, kasohorna Nyi Endit. Saenyana, ngaran aslina mah Nyi Bagendit. Ngan kusabab manehna koret, jadi we di landina Nyi Endit. Manehna teh kacida pisan kumedna.
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu wanieun ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, cicingna di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu gencar dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun pesta. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna sagala ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap harayangeun kénéh, kusabab kacida ngeunahna.
Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. pribumi teu ditari teu ditakon. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan,Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun wé.
Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu aya karingrang. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna”.
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit ogé nya kitu, niat rék nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.

Kamis, 24 Juli 2008



B.     HASIL NULIS ULANG



Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyaéta Situ Bagendit. Cék sasakala mah, éta Situ Bagendit téh asal-muasalna kieu :  
Baheula aya hiji randa, beunghar kabina-bina, kasohorna Nyi Endit (Mun dina film Islam KTP mah jiga si Ma’dit Musyawaroh nu kacida meditna) Imahna ogé pan sakitu agréngna, atuh pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian gé dipetian. Saenyana, ngaran aslina mah Nyi Bagendit. Ngan kusabab manehna pedit, jadi we di landina Nyi Endit. Manehna teh kacida pisan kumedna. Borora’ah barang bere ka batur, ka dulur sorangan na oge kopet, koret  merepet cap jahe. Mun cek paribasa “bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang béré atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanén kajeun buruk jadi runtah batan dibikeun ka tatangga mah.
Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalama anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Ěta oge sok aya anu lahlahan nepungan Nyi Endit niat ménta tuluy, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir bari dicarékan. Teu saeutik jalma anu nyeri haté nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah
Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana téh. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya nu wanieun ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Ngahaja mencilkeun manéh, cicingna di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian, ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro téa.
Kacaturkeun keur usum panén, di ditu di dieu gencar dibaruat. Ka sawah Nyi Endit ogé réa nu gacong. Ari réngsé dibuat jeung sanggeus paréna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun pesta. Ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna sagala ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung téh nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap gé geus bérés, bari tingkarétap harayangeun kénéh, kusabab kacida ngeunahna.
Keur meujeuhna balakécrakan, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kundang iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit anu taya pisan boga niat teh kawas nu keur kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah Nyi Endit. Barang nepi ka buruan gedong teh aki-aki usuk salam, “assalamuallaikum Nyai,,,, tulungan aki, geus tilu poe aki teu manggih dahar, cik atuh aki menta dahar saeutik mah! Sugan we aya piwelas ti nyai jang aki”   Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung di tepas imah bari balakécrakan lain ditémbalan ku kecap nu soméah. Nempo aki-aki rudin teh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak. “ rek naon maneh datang kadie ek menta dahar? teu wawuh teu wana jig indit, teu boga kaera pisan!!! Kami moal rek mikeunan édahareun.” Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa karunya kalah popolotot nitah indit.
 Méméh ngaléos éta aki-aki téh nyarita kénéh ka Nyi Endit. “Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hadé, jeung kanyaah ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka!” Aki-aki ngaléos indit tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu aya karingrang. Méméh indit manéhna ngomong kieu, Tuluy aki ngaleos bari muka Pesbuk, nyieun status “kacida pisan jelma teh kumedna beakeun ku sorangan”
Ngomong kitu téh kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Saréngséna nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé patinglaléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, “Caah! Caah!” cenah.
Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit mah lain nyingkah cara batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian. Tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.
Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung “ tulung........tulung......tulung” Tapi taya nu nulungan, da batur gé sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki lila, cai téh beuki gedé baé. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabéh pakaya Nyi Bagendit.
 Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu gedé nu reunceum ku perhiasan .
Paingan ceuk aki-aki téa dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi Endit gé kalah cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah.


C.     Unsur Intrinsik
*      Tema                            : Situ Bagendit
*      Panokohan
-. Nyi Bagendit : Pedit, somboh, sarakah
-. Aki                           : Sabar           
*      Alur / jalan carita          : maju
*      Seting                          
-. Tempat                     : Banyuresmi Kabupatén Garut
-. Waktu                      : Beurang
*      Suasana                        : Pika keheleun, pika runyaen
*      Amanat                        : kudu berehan ka batur khususna mah ka tatangga.

D.    Unsur Ekstrinsik

@    Unsur psikologis
@    Unsur moral
Kudu syukuran kana nikmat anu di pasihan ku gusti Alloh jeung  kudu berehan ka batur khususna mah ka tatangga.
@    Unsur sosial
@    Unsur Agama

Tidak ada komentar:

Posting Komentar